17 Pupuh Basa Sunda

17 Pupuh Basa Sunda
Karya: Rizki Siddiq Nugraha

Pupuh nyaéta mangrupa ugeran anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa sora vokal dina engang panungtung.
Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung, nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Nu kaasup sekar alit nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Juru demung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.
1. Pupuh Asmarandana
Watek pupuh asmarandana, nyaéta ngagambarkeun rasa kadeudeuh, kasih, sareng kanyaah. Padalisan pupuh asmarandana aya 7 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh asmarandana, nyaéta 8i, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, jeung 8a.
Conto pupuh asmarandana:
Piwuruk Sepuh

17 Pupuh Basa Sunda

Ngariung di tengah bumi (8i)
Pun biang sareng pun bapa (8a)
Jisim abdi diuk mando (8o)
Husu ngupingkeun pituah (8a)
Piwejang ti anjeunna (7a)
Pituduh laku rahayu (8u)
Piwejang sangkan waluya (8a)

2. Pupuh Balakbak
Watek pupuh balakbak, nyaéta ngagambarkeun heureuy atanapi banyol tapi sopan. Padalisan pupuh balakbak aya 3 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh balakbak, nyaéta 12+3é, 12+3é, jeung 12+3é.
Conto pupuh balakbak:
Dayeuh Bandung

17 Pupuh Basa Sunda

Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame, arahéng (12+3é)
Gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunanna, alagréng (12+3é)
Tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat, garandéng (12+3é)

3. Pupuh Dangdanggula
Watek pupuh dangdanggula, nyaéta ngagambarkeun kabungahan sareng kasugeman. Padalisan pupuh dangdanggula aya 10 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh dangdanggula, nyaéta 10i, 10a, 8e/o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, jeung 7a.
Conto pupuh dangdanggula:
Milang Kala

17 Pupuh Basa Sunda

Dinten ieu éstu bingah ati (10i)
Ku jalaran panceg milang kala (10a)
Kenging kurnia ti Alloh (8o)
Rehing nambihan umur (7u)
Tepung taun usum sim abdi (9i)
Heunteu weleh neneda (7a)
Ka Gusti nu Agung (6u)
Malar umur téh mangpa’at (8a)
Tebih bahla turta pinarinan rijki (12i)
Sumujud ka Pangéran (7a)

4. Pupuh Durma
Watek pupuh durma, nyaéta ngagambarkeun nu gedé harepan. Padalisan pupuh durma aya 7 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh durma, nyaéta 12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, jeung 7i.
Conto pupuh durma:
Lemah Cai

17 Pupuh Basa Sunda

Nagri urang katelah Indonesia (12a)
Di riksa tur di jaring (7i)
Sumirat komarana (6a)
Berkahna Pancasila (7a)
Ageman eusining nagri (8i)
Yu sauyunan (5a)
Ngawangun lemah cai (7i)

5. Pupuh Gambuh
Watek pupuh gambuh, nyaéta ngagambarkeun kanyeri, kasusah, jeung kasedih. Pupuh gambuh miboga 5 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh gambuh, nyaéta 8u, 8u, 8i, 8a/u, jeung 8a/o.
Conto pupuh gambuh:
Kaduhung

17 Pupuh Basa Sunda

Kaduhung sagedé gunung (8u)
Kuring sakola teu jucung (8u)
Lalawora resep ulin (8i)
Hanjakal tara ti heula (8a)
Ayeuna kari peurihna (8a)

6. Pupuh Gurisa
Watek pupuh gurisa, nyaéta ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung. Pupuh gurisa miboga 6 atawa 8 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh gurisa, nyaéta 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a (+8a, 8a).
Conto pupuh gurisa:
Si Kabayan

17 Pupuh Basa Sunda

Si Kabayan lalamunan (8a)
Pangrasa bisa nyetiran (8a)
Motor atawana sédan (8a)
Poho keur eundeuk-eundeukan (8a)
Na dahan emplad-empladan (8a)
Gujubar kana susukan (8a)

7. Pupuh Juru Demung
Watek pupuh juru demung, nyaéta ngagambarkeun bingung ku kalakuan sorangan. Pupuh juru demung miboga 5 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh juru demung, nyaéta 8a, 8u, 6i, 8a, jeung 8u.
Conto pupuh juru demung:
Adigung

17 Pupuh Basa Sunda

Lolobana mungguh jalma (8a)
Embung hina hayang agung (8u)
Hayang hirup mukti (6i)
Tapina embung tarékah (8a)
Tinangtu mo bakal nanjung (8u)

8. Pupuh Kinanti
Watek pupuh kinanti, nyaéta ngagambarkeun nungguan bari pinuh pangharepan jeung kanyaah. Pupuh kinanti miboga 6 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh kinanti, nyaéta 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, jeung 8i.
Conto pupuh kinanti:
Kanyaah Indung

17 Pupuh Basa Sunda
Kanyaah indung mo suwung (8u)
Lir jaladri tanpa tepi (8i)
Lir gunung tanpa tutugan (8a)
Asihna teuing ku wening (8i)
Putra téh di dama-dama (8a)
Di anggo pupundén ati (8i)

9. Pupuh Ladrang
Watek pupuh ladrang, nyaéta ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran. Pupuh ladrang miboga 4 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh ladrang, nyaéta 10i, 4a, 8i, jeung 12a.
Mokahaan

17 Pupuh Basa Sunda

Aya hiji anak bangkok leutik (10i)
Mokahaan (4a)
Maksudna ngéléhkeun sapi (8i)
Nahan nafas antukna bitu beuteungna (12a)

10. Pupuh Lambang
Watek pupuh lambang, nyaéta ngagambarkeun nu resep banyol nu aya pikiraneunana. Pupuh lambang miboga 8 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh lambang, nyaéta 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, jeung 8a.
Conto pupuh lambang:
Wawangsalan

17 Pupuh Basa Sunda

Dialajar wawangsalan (8a)
Saperti tatarucingan (8a)
Cik naon atuh maksudna (8a)
Teangan naon wangsalna (8a)
Gedong ngambang di sagara (8a)
Ulah kapalang diajar (8a)
Keuyeup gedé di lautan (8a)
Kapitineung salawasna (8a)

11. Pupuh Magatru
Watek pupuh magatru, nyaéta ngagambarkeun sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, jeung mapatahan. Pupuh magatru miboga 5 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh magatru, nyaéta 12u, 8i, 8u, 8i, jeung 8o.
Conto pupuh magatru:
Kasar-Lemes

17 Pupuh Basa Sunda

Dupi irung lemesna téh nya pangambung (12u)
Pipi mah disebat damis (8i)
Upami buuk mah rambut (8u)
Ceuli sok disebat cepil (8i)
Kasarna angkeut mah gado (8o)

12. Pupuh Maskumambang
Watek pupuh maskumambang, nyaéta ngagambarkeun kanalangsaan, sedih beuri ngenes haté. Pupuh maskumambang miboga 4  padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh maskumambang, nyaéta 12i, 6a, 8i, jeung 8a.
Conto pupuh maskumambang:
Budak Harak

17 Pupuh Basa Sunda

Anak manuk dikatepel budak harak (12i)
Jangjangna geutihan (6a)
Rék hiber teu bisa usik (8i)
Duh manusa kaniaya (8a)

13. Pupuh Mijil
Watek pupuh mijil, nyaéta ngagambarkeun kasedih tapi beri gedé harepan. Pupuh mijil miboga 6 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh mijil, nyaéta 10i, 6o, 10é, 10i, 6i, jeung 6u.
Conto pupuh mijil:
Nungtut Élmu

17 Pupuh Basa Sunda

Najan cicing nya di tepiswiring (10i)
Kadé ulah bodo (6o)
Kudu tetep nungtut élmu baé (10é)
Sabab jalma nu loba pangarti (10i)
Hirup tangtu hurip (6i)
Mulus tur rahayu (6u)

14. Pupuh Pangkur
Watek pupuh pangkur, nyaéta ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat. Pupuh pangkur miboga 7 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh pangkur, nyaéta 8a, 12i, 8u, 8a, 12u, 8a, jeung 8i.
Conto pupuh pangkur:
Ka Sakola

17 Pupuh Basa Sunda

Seja miang ka sakola (8a)
Rék diajar nambahan élmu pangarti (12i)
Pigeusaneun bekel hirup (8u)
Sabab mungguhing manusa (8a)
Kudu pinter beunghar ku élmu panemu (12u)
Komo jaman pangwangunan (8a)
Urang kudu singkil bakti (8i)

15. Pupuh Pucung
Watek pupuh pucung, nyaéta ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan atawa keuheul kulantaran teu panuju haté. Pupuh pucung miboga 4 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh pucung, nyaéta 12u, 6a, 8i, jeung 12a.
Conto pupuh pucung:
Tatakrama

17 Pupuh Basa Sunda

Mangka inget tatakrama sopan santun (12u)
Tanda jalma iman (6a)
Nyarita jeung amis budi (8i)
Da basa mah lain barang anu mahal (12a)

16. Pupuh Sinom
Watek pupuh sinom, nyaéta ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh, jeung sumanget. Pupuh sinom miboga 9 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh sinom, nyaéta 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, jeung 12a.
Conto pupuh sinom:
Tatar Sunda

17 Pupuh Basa Sunda

Tatar Sunda éstu éndah (8a)
Lemah cai awit jadi (8i)
Sarakan asal gumelar (8a)
Amanat Ilahi Robbi (8i)
Titipan nini aki (7i)
Wajib dijaga dijungjung (8u)
Basa katut budayana (7a)
Padumukna luhung budi (8i)
Insya Allah tatar Sunda karta harja (12a)

17. Pupuh Wirangrong
Watek pupuh wirangrong, nyaéta ngagambarkeun nu kawiwirang, éra ku polah sorangan. Pupuh wirangrong miboga 6 padalisan. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh wirangrong, nyaéta 8i, 8o, 8u, 8i, 8a, jeung 8a.
Conto pupuh wirangrong:
Sieun Doraka

17 Pupuh Basa Sunda

Kuring moal deui-deui (8i)
Gaduh panata nu awon (8o)
Ngabantah nu jadi indung (8u)
Sieun dibendo ku Gusti (8i)
Kawas dalem boncél téa (8a)
Doraka ti ibu rama (8a)